Adjat Sudradjat atawa Robby Darwis Ikon Sajati Persib teh?

>> Saturday, August 1, 2009




Oleh Boboko (Bobotoh Kolot)


Sambil belajar bahasa Sunda kembali, sambil mengingat kenangan indah kota Bandung. Berikut tulisan dari yang mengaku Boboko (Bobotoh Kolot) yang sangat lucu dalam memilih siapa ikon Persib yang pantas versi Boboko. Sedikit Akang edit untuk penyesuaian penyajian tanpa mengubah substansinya.


Rumasa, kuring téh kuduna geus kaasup sabagé anggota rombongan Boboko (bobotoh kolot). Barina gé ku teu pati akrab-akrab teuing ka kumaha bungkeuleukanna Persib jaman kiwari mah. Geus lila teuing ngumbara jauh ti lembur. Atuh keur ngubaran kasono ka si "Pangeran Biru" euweuh deui ari lain tina mukaan kaca-kaca internét mah.


Nu pangmindengna mah mukaan wébsait PR (www.pikiran-rakyat.com) atawa kadieunakeun mah wébsait Komunitas Bobotoh Sa-Alam Dunya (www.persib-bandung.or.id) jeung Jurnal Persib.


Bobotoh jaman ayeuna mah bagéa, meni bisa talertib-katalatur siga aya nu ngomandoan waé (hehehe... enya kétah, pan ayeuna mah geus aya "panglima"na sagala, panglima Viking Ayi Beutik). Baréto mah nya kitu wé lah, bobotoh téh teu dikomandoan gé daratang ti suklakna ti siklukna ari si Pangeran keur tandang ka Senayan mah. Teu weléh ti sakuliah Jawa Barat, lain ngan anu ti Bandung wungkul. Apan Persib téh geus jadi jatidiri keur nu ngarasa sabagé urang Sunda mah.



Kunaon maké dilandi "si Pangeran Biru" ? Atuh puguh da kostimna pan pulas bulao. Jaman perserikatan mah asana téh euweuh deui kasawelasan punjul anu kostimna bulao salian ti Persib.


Naha Pangeran ? Nya puguh, da pantes. Pan barudak lalaki anu maéngbalna. Oooh... éta téh kutan kulantaran ari keur tandang, para suporter teu burung disuguhan ku "permainan cantik nan mematikan" ála Persib. Pantes pisan atuh dilandi Pangeran Biru mah da ari keur di lapangan mah pamaén Persib teh meni pada mangrupakeun "kijang kencana".


Ari jaman makalanganna anu kaalaman langsung ku kuring mah nyéta basa Persib ngaraja dina lalaga pamaéngbalan nasional taun-tahun:
Tahun 1983-1985 : Skor 0-0 & 2-2 vs PSMS Medan; éléh adu pinalti duanana. Coba mun euweuh Ponirin Mekka mah, da pastina pan lebeng lawang gul tim ti Medan téh, da euweuh kiperan! Jaba pan si Nomer 10 (Adjat Sudradjat) téh keur kinclong-kinclongna!
Tahun 1986 : Skor 1 - 0 vs Perseman Manokwari; jaman si Adolf "Mutiara Hitam" Kabo, anu pernah api-api éléh 6 - 0, ku saha nya, poho! (Persebaya, jaman “Sepakbola Gajah” tea, Kang Boboko)


Tahun 1990 : Skor 2 - 0 vs Persebaya; si Putu Yasa maju teuing ka hareup, bék Persebaya Subangkit ngoper tarik teuing atuh jadi gul bunuh diri. Terus babak kadua Kang Dede Rosadi noél bal ku dampal suku kénca anu dilipet di tukangeun nu katuhu, ngagulkeun nu kadua.


Tapi anu istiméwa ogé, dina semipinal (3 - 0 vs PSM Ujungpandang), gul nu kadua. Bal dioper ti sayap katuhu, si nomer 6 (Robby Darwis) maju ka hareup terus megat muntah balna anu masih kénéh ngapung di udara. Disipat ku tungtung luar suku katuhu. Jelebeeet... Gul!!!! Halaaah..


Kang Robby éta gul téh pangsaé-saéna anu kapanonan sorangan ku abdi! Jeung éta deuih, kuduna kiper urang téh pada wanian siga Kang Samai S. Basa bek Kang Ade Mulyono aya musuh nu némprang tarik pisan, Kang Ade ogé nepi ka gugulitikan, beretek Kang Samai lumpat sataker kebek ti daérah gawang, aya kana satengah lapangna mah. Éta pamaén tim lawan anu jail téa diudag nepi ka kabur tipaparétot ka sisi lapang, LoL!


Tahun 1993 : Skor 2 - 0 vs PSM Ujung Pandang; jadi jawara dina lalaga sepakbola perserikatan anu pamungkas)
Tahun 1994: Skor (1 - 0 vs Petrokimia Putra; jadi jawara "Ligina" édisi kahiji). Si sayahna geus kaburu ngalalana jauh ti lembur, teu bisa miluan nempo jeung ngarayakeun.. halah... keun baé dibedag ku dana telepon anu mahal gé teu nanaon, nu penting inpo ti Bapa jeung Adi nu lalaki cukup ngabagéakeun!)


Tah nepi ka ayeuna can aya deui catetan préstasi anu cukup nyugemakeun. Kalahka wé cenah téréh dégradasi... beu!...
Sigana kuduna mah nya, sacara mistis, sayah kudu balik jeung cicing di lembur deui euy, ambéh Persib unggul deui.. hahahah...


Ngadu Bako


Ieu mah urang ngadu bako wé lah, saha diantara anu dua, Kang Adjat Sudradjat atawa Kang Robby Darwis, anu cocog dijadikeun ikon sajati Persib ti jaman baheula nepi ka ayeuna. Atawa aya ngaran séjén?





Nu pasti mah, Kang Adjat leuwih motékar jaman taun 1980an. Sanajan jarang dipaké ku timnas (konspirasi heuy!!!), ari keur béla Persib mah asa nempo Maradona keur béla Argentina. Teu burung bébéakan.


Sabagé pamaén tengah-hareup, anjeunna pangwujudan pamaén serang modéren saperti Platini, Maradona atawa Zidane. Téknik mawa bal jeung gigilekan bari bal téh napel pageuh kana suku, anu jadi kaistiméwaanna. Gul-gul bisa ngajadi boh tina sépakan (anu kénca nu leuwih hadé) atawa meunang ngahéden.


Pokona mah gaya méngbal Kang Adjat mah titingalieun anu matak kukurayeun. (Aya béja cenah patung pamaén bola anu di jalan Tamblong téh mangrupakeun tribut kanggé kang Adjat).


Terus datang wéh téh Hetty Koes Endang. Duka wé ti dinya mah da rada nutug wé prestasi Kang Adjat téh. Mangka anjeunna téh perenah maké pindah ka Bandung Raya FC sagala. Ieu ogé anu matak loyalitas anjeunna loba nu mertanyakeun. Kuring mah henteu pipiluan, da angger keur kuring mah anjeunna sosok anu paling mucunghul lamun keur ngomongkeun Persib mah. Ayeuna anjeunna.... dimana nya? Rarasaan mah kakara kamari maca tentang Kang Adjat di hiji blog. Ké urang téangan heula geura inpona (Kang Adjat teh ayeuna mah jadi karyawan Bank Jabar Banten, Kantor Pusat di jalan Braga tea, Kang Boboko!).


Ari Kang Robby mah sanajan babarengan ti anggangna, tapi terus moncér nepi ka asup dasawarsa 1990an. Ngalaman ogé jadi "Pemain Terbaik" sa-Indonesia. Keun ka dibeuli ku Kelantan FC ti Liga Malaysia, ngan hanjakal meunang maén ngan sakali wungkul terus dikartu merah (Konspirasi Malayu buruk eta mah... heuy!!! Nepi ka Robby teu bisa maen di SEA Games, Kuala Lumpur). Kang Robby ogé terus-terusan nempatan posisi stopper/bék di tim nasional jaman pertengahan1980an nepi 1990an (Sempet mawa timnas Indonesia jadi juara kaopat Asian Games di Seoul, Korsel, tahun 1986, Kang Boboko!).


Nepi ka panungtungan sabagé pamaén, anjeunna nutup karir di Persib (Nu di Kelantan mah urang pohokeun wé!). Ku kituna mah anjeunna téh bisa disaruakeun jeung bék lèhendaris ti Arsenal London, Tony Adams. Ayeuna ogé masih aktip kétang, teu jauh-jauh, jadi salah sahiji asisten Arcan Iurie di Persib. Sugan hiji poé mah jadi pelatih penuh, nya Kang?


Persib jaman baréto ogé apan lain ngan duaan ieu wungkul, pan aya ogé pamaén-pamaén lehendaris séjénna saperti Kang Adeng Hudaya (si Kapten), Kang Sobur (si Leugeut Teureup, ceuk majalah basa Sunda “Manglé”), Kang Yoesoef Bachtiar (si Jendral), Kang Uut Kuswendi (Pamaén sayap kanan lokal pangalusna anu pernah kasaksian ku sayah), Kang Sutiono Lamso (si penyerang sejati, ceuk tabloid “Bola”), Kang Wawan Karnawan (si Beton, urang Panjalu, Ciamis), Kang Iwan Sunarya, Kang Sukowiyono (urang Solo nu satia ka Persib), Kang Nyanyang, Kang Kekey Zakaria, Kang Dede Iskandar, Kang Ade Mulyono, Kang Dadang Kurnia, Kang Nandang Kurnaedi, Kang Boyke Adam, Kang Anwar Sanusi, jst.. Tapi keur sayah pribadi, anu pangpunjulna mah ngan dua ngaran di luhur.


Ari dititah milih, komo ari bari dipaksa mah, pilihan sayah mah ka Kang Adjat baé ah. Wajar wé, da sabagé pamaén serang, anjeunna leuwih sering jadi selebritis di lapang, komo basa karék ngagulkeun mah. Pamaén serang téa bakal leuwih kapilem.


Ti jaman keur leutik kénéh mindset kuring gé geus kasetél yén tukang maéngbal pangalus-alusna sadunya téh kahijina Maradona, nu kaduana Kang Adjat.


Tapi Kang Robby ogé salilana jadi pamaén idola keur sayah mah. Komo pernah ngobrol sautak-saeutik basa anjeunna keur tugas jeung PLN ka sakola SMA sayah di wewengkon Cigéréléng, Bandung Selatan. Asa teu percaya, tapi da bener éta téh Kang Robby Darwis anu rekaman gulna ka gawang PSM Ujungpandang langsung dipaké foreshadowing keur acara "Arena dan Juara" dina TVRI bareto.


Hahahah... waas euy jaman keur ngora.


Diadaptasi dari: www.madsundanese.multiply.com

0 komentar:

Penggemar Blog IA-ITB :

  © Free Blogger Templates Skyblue by Ourblogtemplates.com 2008

Back to TOP